Pamali "ceunah ceuk kolot"


Pamali nyaéta larangan sepuh urang anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna, upamana lalaki teu meunang nyekel asiwung, matak peluh; teu meunang ngomé béas, bisi dijual ka toa; nu keur reuneuh teu meunag ngadahar intip, bisi bali orok kaluarna hésé; nu keur reuneuh teu meunang ngadahar tutut, bisi tunduh dina waktu keur ngalahirkeun. Dina kamus ieu, kecap pamali dipatalikeun jeung kecap pahing, buyut, kapamalian, palangan, pantrang, jeung cadu.

Pamali dina Karya jeung Sastra :

Kecap pamali aya dina naskah Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian:

(Carek) sanghyang siksa, ngising ma tujuh lengkah ti jalan, kiih ma tilu lengkah ti jalan. Boa mo nemu picarekeun sakalih ja urang nyaho di ulah pamali. Kaulah ma duka, pamali ma paeh, deung jeungjeueung gagawar, pucuk tambalung, sugan tampyan dalem, kandang larang(an), bale larangan.

Kecap pamali kaunggel ogé dina carita pantun Badak Pamalang.
Cing suci kami dek diajar ngawih/ Saeutik beunang mihuit/ Kawih kami sudi mandi/ Kawih kami suda pulang/ Saeutik tamba pamali/ Mangka unggut maung/ Mangka golong na karémbong/ Mangka pecat bentén omas/ Lekat-lekat katalanjuran/ Pantes lempenganeun saur.

Dina carita [pantun Buyut Orényéng]] kecap pamali ogé kauni.
Baringbing sumping balikan/ Bak layar gancang pulangan/ Pamali teu dibalikeun/ Halangan teu dipulangan/ Sungkanan barang pulangan/ Demi cangkang jeung eusina/ Mangsing sarua lobana/ Bisi kawih mamaruan/ Ja kawih mangdaya tineung/ Ceuk buyut tuha mara tuha/ Katénjo ku enya baé/ Enya pamali teuing/ Nu nungkul dipukul/ Nu hasrah dirasah/ Nu éléh diparoléh/ Matak teu tinggil juritan/ Matak teu jaya perangan/ Matak pupul pangaruh/ Matak tambar berekat/ Matak teu mahian sing barang pasini.

Kecap pamali kaunggel ogé dina dangding Haji Hasan Mustapa:
//Sirna rasa rasaning pasti/ raga raraganing rasa/ janggélék rasaning déwék/ duk lungsur ti satuhu/ bijil gingsir sih jeung sedih/ alaming kamanusan/ pangjurung kasarung/ ngumbara di alam dunya/ ngulik harti nguriling néangan gusti / ku pantang pamalina//

Allah nu teu paya nitah/ Gusti nu ngalindih abdi/ teu paya tunda talatah/ lain Gusti nu sasari/ bisi kacingcirihi/ tutur kalebur ku catur/ nya loba katilarna/ ku abdi lain sajati/ rasa dunya salia ka pamalina// Kapamalina kaula/ hayang ngahiji jeung Gusti/ kapamalina kaula/ birahi ku agung Gusti/ jadi paisin-isin/ nya lumpuh pajauh-jauh/ tuman ti sasarina/ abdi malibir ka Gusti/ ana mudal nanya katunggalanana//


Pamali dina Wangun Kecap :

Di sakuliah Indonésia aya kapercayaan, yén upama nyebut hiji kecap matak aya cangcalana, nepi ka kudu diganti ku kecap séjén anu teu aya matakna. Kecap-kecap anu dimaksud dibéréndélkeun dina tabel di handap:
NoKecap anu DipantrangGagantinaKaterangan
1KuntianakNu di cai
2Sarung bututSarung alusKeur nu kakandungan
3Hudang ngajuruNu keur senangDi Karawang, Ciwidey
4Ku jurigKu nu ti peutingLamun aya budak/ orok ceurik baé ti peuting
5PanasTiisLamun kaléob/ kasundut
6Jalma ragragMonyét/ Careuh
7Panas/ muriangHaneutDi Darmaraja
8CacarKasakit alus
9Minyak keletik keur ngagolakCaahDi Bandung, Cianjur, Sumedang
10MinyakCai/ getihSupaya teu olok minyak nalika ngagoréng
11AseupanLépéDi Garut kidul
12RuhayHurungBisi aya maung
13UyahNu bodasDi Panjalu
14jeung sajabana

Contoh Ungkara Pamali :

NoPamali
1Ulah ditiung ku baju, matak hésé ngalahirkeun.
2Ulah lila-lila di cai matakkalenger.
3Ulah nginum notor kendi, matak genténg beuheung budak.
4Ulah saré teu maké bantal, matak hésé ngalahirkeun.
5Ulah ngaléngkahan songsong, matak ngalahirkeun sungsang.
6Ulah ngadahar buah urut kalong, matak rodék susu.
7Ulah nginum dina batok, matak goréng masamoan.
8Ulah dahar nodong dulang, matak dilebok maung.
9Ulah lalangiran, matak paéh indung.
10Ulah ulin sareupna,matak dirawu kélong.
Jeung réa-réa deui
Sumber : https://su.wikipedia.org/

comment 0 komentar:

Post a Comment

Berikut adalah beberapa aturan untuk memberikan komentar di blog ini :

1. Semua komentar kecuali spam dipersilahkan.
2. Anda dipersilahkan jika ingin membuat permintaan dan pertanyaan.
3. Jangan gunakan nama-nama seperti Admin, Penulis, Operator, atau yang lainnya untuk memberikan komentar karena akan membuat orang lain salah paham.
4. Tinggalkan Alamat Email/Url Blog Anda, jika Anda memberi komentar sebagai "Anonymous"

"Terima kasih banyak telah berkomentar"

Delete this element to display blogger navbar

 
© cagappaeh | Design by Blog template in collaboration with Concert Tickets, and Menopause symptoms
Powered by Blogger